PROBLÉMATIKA BASA, SASTRA, BUDAYA, JEUNG PANGAJARANANA

Rp150.000

PenulisProf. Dr. Nunuy Nurjanah, M.Pd. , Prof. Dr. Retty Isnendes, M. Hum.
Tahun TerbitMaret 2025
Jumlah halaman180
Ukuran kertas14 x 21
Jenis kertasBookpaper
ISBN/No.Reg978-623-367-884-1
Kategori:

Buku Problematika Basa, Sastra, Budaya, jeung Pangajaranana ieu ngaréngsékeun pasualan nu sok mucunghul dina pangajaran basa Sunda, boh tina aspék basa, sastra, boh budaya. Ku cara sistematis, ieu buku nétélakeun sabab-musabab problématika pangajaran tur méré alternatif solusi nu cocog pikeun ngaronjatkeun kualitas pangajaran.

Dina pangajaran basa Sunda, problématika kayaning fonologi, morfologi, sintaksis, nepi ka pragmatik mindeng jadi bahan kajian. Di sagédéngeun éta, pangajaran sastra Sunda ngabogaan tangtangan husus kayaning dina ngajarkeun carita pondok, dongéng, nepi ka wawacan. Sedengkeun dina budaya Sunda, kasadaran kana warisan budaya mindeng leungit, padahal éta hal téh mangrupa bagian tina identitas urang Sundana sorangan.

Dina ieu buku, watesan, sabab-musabab, sarta lingkup masalah dipedar sacara lengkep, bari ogé dipidangkeun rinéka solusina. Pangatik atawa guru diajak pikeun neuleuman yén masalah téh lain hambatan atawa hal nu héngkér, tapi mangrupa hiji tangtangan pikeun nyieun perbaikan atawa ngahudang daya keur ngaropéa. Guru ogé dibéré inspirasi sangkan leuwih kreatif dina ngajarkeun materi, boh ku ngagunakeun média modern boh ku ngadumaniskeun ajén-inajén lokal Sunda kana kurikulum nu keur dilarapkeun ayeuna.

Lian ti éta, ieu buku ngajak para pangatik pikeun ngahontal ajén-inajén luhung dina pangajaran, kayaning ngajarkeun hormat ka kolot, paduli ka sasama, jeung pentingna ngamumulé budaya Sunda di tengah globalisasi. Dina unggal tangtangan, aya hikmah nu bisa dimangpaatkeun pikeun ngaronjatkeun profésionalisme guru tur ngajaga budaya Sunda tetep hirup.

Ulasan

Belum ada ulasan.

Jadilah yang pertama memberikan ulasan “PROBLÉMATIKA BASA, SASTRA, BUDAYA, JEUNG PANGAJARANANA”
Keranjang Belanja