BUKU AJAR KAPARIGELAN NULIS

Rp65.000

PenulisProf. Dr. Nunuy Nurjanah, M.Pd.
Tahun TerbitMei 2026
Jumlah halaman91
Ukuran kertas14 x 21
Jenis kertasBookpaper
ISBN/No.Reg-
Kategori:

Buku Kaparigelan Nulis mangrupa rujukan akademik anu dirarancang pikeun ngamekarkeun kamampuh nulis sacara sistematis, logis, jeung kritis dumasar kontéks pangajaran basa Sunda. Ieu buku nétélakeun yén nulis lain saukur kagiatan mékanis, tapi hiji prosés kognitif, linguistik, sarta sosial anu merlukeun latihan sistematis sarta tuluy tumuluy. Eusina ngawengku rupa-rupa aspék penting kayaning landasan tioritis, prosés nulis, aspék mékanis, nepi ka rupa-rupa wanda tulisan cara naratif, déskriptif, ékspositori, arguméntatif, sarta kréatif.

Sajaba ti éta, ieu buku ogé ngaguar stratégi pangajaran nulis, téknik asésmen, sarta digunakeuna média sarta téknologi dina ngaronjatkeun kualitas pangajaran. Disusun sacara runut jeung kompréhénsif, unggal bab dilengkepan ku conto sarta latihan anu ngarojong pamahaman praktis. Ku kituna, ieu buku henteu ngan saukur ngabekelan pamaca ku pangaweruh tioritis, tapi ogé kamampuh aplikatif dina nulis.

Ieu buku merenah dipaké ku mahasiswa, guru, sarta praktisi atikan pikeun ngaronjatkeun kompeténsi nulis, ngamekarkeun daya pikir kritis jeung kréatif, sarta ngarojong budaya literasi dina kahirupan akademik jeung sapopoé.

 

Ulasan

Belum ada ulasan.

Jadilah yang pertama memberikan ulasan “BUKU AJAR KAPARIGELAN NULIS”
Keranjang Belanja