PROBLÉMATIKA PANGAJARAN BASA SUNDA

Rp200.000

PenulisProf. Dr. Nunuy Nurjanah, M.Pd. , et.al.
Tahun TerbitMaret 2026
Jumlah halaman234
Ukuran kertas14 x 21
Jenis kertasBookpaper
ISBN/No.Reg978-634-242-596-1
Kategori:

Basa Sunda mangrupa salah sahiji basa daérah anu miboga peran penting dina ngajaga kabeungharan budaya jeung idéntitas masarakat Sunda. Salian ti jadi alat komunikasi sapopoé, basa Sunda ogé jadi wahana pikeun ngamumulé ajén-inajén budaya, kaarifan lokal, jeung warisan karuhun. Sanajan kitu, dina jaman globalisasi ayeuna, basa Sunda nyanghareupan rupa-rupa tangtangan, di antarana kuatna pangaruh basa Indonésia jeung basa asing, ogé robahna ajén sosial di masarakat anu nyababkeun minat kana basa daérah beuki nyirorot, utamana di kalangan nonoman.

Dina widang atikan, pangajaran basa Sunda ogé nyanghareupan sababaraha pasualan anu cukup kompléks. Sawatara di antarana nyaéta kurangna minat siswa dina diajar basa Sunda, héséna nyangkem sistem undak-usuk basa anu kompléks, kawatesanan kandaga kecap, sarta kurangna inovasi dina métode pangajaran. Sajaba ti éta, pasualan ogé katempo dina kawatesanan bahan ajar anu ngirut jeung rélevan, ogé dina pangajaran sastra Sunda anu masih kurang diaprésiasi ku generasi ngora.

Buku ieu hadir pikeun ngaidéntifikasi jeung nganalisis rupa-rupa pasualan dina pangajaran basa, sastra, jeung budaya Sunda, sakaligus nawarkeun sababaraha padika pikeun ngungkulanana. Ngaliwatan pamarekan anu kompréhénsif, buku ieu nekenkeun pentingna inovasi dina kurikulum, ngaronjatkeun kompeténsi guru, ngamangpaatkeun téknologi dina pangajaran, sarta nguatkeun integrasi antara basa jeung budaya Sunda. Ku ayana buku ieu, dipiharep bisa jadi rujukan anu mangpaat pikeun guru, mahasiswa, panalungtik, jeung masarakat dina usaha ngamumulé basa Sunda sangkan tetep hirup tur miboga ma’na pikeun generasi kiwari jeung nu bakal datang.

Ulasan

Belum ada ulasan.

Jadilah yang pertama memberikan ulasan “PROBLÉMATIKA PANGAJARAN BASA SUNDA”
Keranjang Belanja