SABANDA (Sasarengan Diajar Basa Sunda)

Rp80.000

PenulisProf. Dr. Nunuy Nurjanah, M.Pd. , Dr. Haris Santosa Nugraha, M. Pd., Tanti Sri Wahyuni, S.Pd.
Tahun TerbitMaret 2026
Jumlah halaman145
Ukuran kertas14 x 21
Jenis kertasBookpaper
ISBN/No.Reg978-634-242-573-2
Kategori:

Buku SABANDA (Sasarengan Diajar Basa Sunda) disusun minangka upaya sistematis pikeun ngaronjatkeun kualitas pangajaran Basa Sunda di tingkat Pendidikan Anak Usia Dini (PAUD). Dumasar kana pamahaman yén basa mangrupa warisan budaya anu kudu dimumulé tur dimekarkeun, buku ieu nyangking visi pikeun nguatkeun kamampuh basa barudak ti mimiti umur dini. Dina kaayaan kiwari anu dipangaruhan ku média digital jeung lingkungan multibasa, pangajaran Basa Sunda di PAUD jadi léngkah stratégis pikeun ngajaga idéntitas budaya sarta nancebkeun rasa reueus kana basa indung.

Eusi buku dirarancang saluyu jeung karakteristik kamekaran barudak PAUD anu keur aya dina periode emas pangembangan basa, sosial-émosional, kognitif, jeung moral. Pamarekan anu digunakeun nya éta diajar bari ulin, interaktif, komunikatif, sarta kontékstual. Materi teu saukur museur kana kosakecap, tapi ogé ngaitkeun pangalaman langsung jeung kahirupan sapopoé barudak. Buku ieu ogé ngamuat pedoman implementasi, stratégi pangajaran, conto kagiatan praktis, nepi ka cara ngalaksanakeun évaluasi anu sifatna observatif jeung holistik.

Salian ti jadi rujukan praktis pikeun guru, SABANDA ogé nekenkeun pentingna kolaborasi antara sakola jeung kulawarga dina ngawangun lingkungan basa anu konsistén. Ku ayana gawé bareng antara guru jeung kolot, digunakeuna Basa Sunda di sakola jeung di imah bisa silih rojong. Buku ieu dipiharep bisa jadi pituduh anu kréatif tur aplikatif dina ngamumulé sarta ngamekarkeun Basa Sunda sangkan tetep hirup tur mekar di tengah arus jaman anu terus robah.

Ulasan

Belum ada ulasan.

Jadilah yang pertama memberikan ulasan “SABANDA (Sasarengan Diajar Basa Sunda)”
Keranjang Belanja